Selamat Datang

Selamat Datang di Blognya Anak Pasawahan

Selasa, 15 Mei 2012

Lirik Lagu sunda Es Lilin_Nining Meida




Es lilin mah..... Didorong-dorong......
Dibantun mah...... Dibantun  ka Sukajadi......
Abdi isin dunungan  samar kaduga
Sok inggis mah duh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu  buatan bandung
Dicandak mah geuning ka cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning kusaputangan......
Itu saha dunungan nu ginding teuing
Sihoreng mah aduh geuning jungjunan....

Es lilin mah ceuceu dikalapaan.....
Raosna mah geuningan kabina-bina.....
Abdi alim dunungan  paduduaan......
Sok sieun mah  dibantun kamana-mana.....

Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir.....
Ka kaler mah ka kaler katojo bulan.....
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal paler duh da ku sabulan.....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar