Selamat Datang

Selamat Datang di Blognya Anak Pasawahan

Rabu, 16 Mei 2012

MAWAR BODAS




Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu milire kacape
Sabab aya nu diteang

Hujan angin dor dar gelap
taya pisan keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Bet asa  karunya teuing

Pajar cenah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Kembang nujadi impian

Sugan tea moal gagal
Kembang teh aya nu boga
Balik ge jiga hoream
Lempangna jiga ngalayang

Teu disawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Anjeun ulah nyeri hate
Lantaran taca pasini

Neangan  pipanyakiteun
Neangan  pipanyakiteun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar